hariring nu kungsi nyanding
== Hariring Nu Kungsi Nyanding ==
Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati akiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma
tineung cacapkeun
meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas
narawangan ati
bangblas.

Komentar
Posting Komentar
Bebas tapi sopan lah saat berkomentar