Postingan

Menampilkan postingan dengan label kisunda

Papatah ki sunda

Gambar
Mungguh hirup laki rabi Lir kapal jero jaladri Garwa minangka layarna Carogé lir juru mudi Di lautan satujuan Sapapait samamanis Guruan mah lauk laut Sanajan caina asin Awakna teu katépaan Mandiri dina pribadi Mangpaat keur anu lian Jadi pamungpungan asih (Catetan Ki Sunda Sawawa ) tina blogna aki jeung abah

Corétan kisunda

Lalangse Peuting Naha hate bet tireb ku ibun kasepi Nu karasa ukur jadi tempat pangulinan lamunan Seug pangangguran mapay dahan panangeuhan.. Nu kapapay ngan ukur legana sawangan Antukna harepan ukur jadi hanjuang nu ngabatu Pareng nyawang ka tungtung langit .. Kapireng bentang bentang ting kariceup ting karetit.. Lir mutiara nu diamparkeun mapakan legana langit Nambah kelarna hate nu hese digambar ku rumpaka carita Kuring sadar..., peuting ieu lain peuting nu kamari Najan rupa jeung warna langitna sarua Tanda gunta gantina poe nu dihias beurang jeung peuting Marengan gunta gantina lalakon kahirupan Dina muru sakeupeul kabagjaan.