Papatah ki sunda
Mungguh hirup laki rabi
Lir kapal jero jaladri
Garwa minangka layarna
Carogé lir juru mudi
Di lautan satujuan
Sapapait samamanis
Guruan mah lauk laut
Sanajan caina asin
Awakna teu katépaan
Mandiri dina pribadi
Mangpaat keur anu lian
Jadi pamungpungan asih
(Catetan Ki Sunda Sawawa )
tina blogna aki jeung abah

Komentar
Posting Komentar
Bebas tapi sopan lah saat berkomentar