Postingan

Menampilkan postingan dengan label sajak

Kinanti

Gambar
Sapanjang néangan kidul, kalér deui kalér deui,, Sapanjang néangan wétan, kulon deui kulon deui,, Sapanjang néangan aya, eweuh deui eweuh deui,,, ~Kinanti dina salendro~

Papatah ki sunda

Gambar
Mungguh hirup laki rabi Lir kapal jero jaladri Garwa minangka layarna Carogé lir juru mudi Di lautan satujuan Sapapait samamanis Guruan mah lauk laut Sanajan caina asin Awakna teu katépaan Mandiri dina pribadi Mangpaat keur anu lian Jadi pamungpungan asih (Catetan Ki Sunda Sawawa ) tina blogna aki jeung abah

Corétan kisunda

Lalangse Peuting Naha hate bet tireb ku ibun kasepi Nu karasa ukur jadi tempat pangulinan lamunan Seug pangangguran mapay dahan panangeuhan.. Nu kapapay ngan ukur legana sawangan Antukna harepan ukur jadi hanjuang nu ngabatu Pareng nyawang ka tungtung langit .. Kapireng bentang bentang ting kariceup ting karetit.. Lir mutiara nu diamparkeun mapakan legana langit Nambah kelarna hate nu hese digambar ku rumpaka carita Kuring sadar..., peuting ieu lain peuting nu kamari Najan rupa jeung warna langitna sarua Tanda gunta gantina poe nu dihias beurang jeung peuting Marengan gunta gantina lalakon kahirupan Dina muru sakeupeul kabagjaan.

Satia

Teu sangka anjeunna seueur nu cinta Korban elmu jeung harga diri Ngan ukur hayang meruhkeun anjeunna Nu saurna kasep kabina-bina Ditilik-tilik anjeunna teh geulis pisan Kawas widadari nu lungsur ti kahyangan Rumasa kuring ge hayang miboga Ngadadak ngagedur rasa cinta... Hanjakal karasa aya nu teu raos Batur mah, modal jabatan Batur mah, modal kageulisan Kuring ngan mawa salamar keretas Sajak keur anjeunna Tapi kuring moal rek sumrah Alim anjeunna kuciwa Da kuring mawa modal nu sampurna Nyaeta rek satia salawasna

jangan putuskan harapanku

Gambar
jangan putuskan harapanku !!! sepatah kata aja sudah cukup membangun harapanku, kelak nanti juga akan penuh dengan pnggalan kata kata darimu,, kenapa??? sepenggal kata 'ya' juga ga ada, harapanku adalah impianku haruskah aku tidur selamanya biar aku terus bermimpi membangun harapanku sendiri,,, gak bolehkah aku punya cinta !!! kenapa??? setahun berlalu mengapa kekecewaan yang timbul,, selama itu aku mulai sadar aku mencintaimu  bukan hanya sekedar suka bukan hanya sayang semata kau adikku saja,, selama itu aku menunggumu online selama itu pula aku menunggumu membuka hati,, mengapa?? gaadakah kau memberiku kesempatan,, mengapa?? mengapa kumemujanya,, mengapa ku mengenalnya,, akhirnya ku jatuh cinta,, ,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, ,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, walau dia ku cinta,, ku rela melepasnya,,, ,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, ,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, apakah aku bersalah,, pabila mencintainya,, bukankah hak manusia,, menyinta atau di cinta,, aku menangis mendengar syair itu meng...

Sidengdang di Leuwi Asri

Dina rasa téh aya duriat nu ngampar minuhan jagat Dina batin téh aya nu ceurik balilihan, mula melis milu lumengis Lengeun ranggah ngulayaban néangan geusan pamuntangan Cuang cieung kokotéténgan ngoréhan akar akar kanyaah Kumarembing mipir mipir gawir wanci, nyungsi asih nu hakiki Ti Bihari ka kiwari ngulayaban kumambang anjang anjangan Raga rasa cumarita guntreng guneman sorangan Ukur tumanya........ Nu Datang ukur ngoconan lindeuk miyuni manuk japati Lir ngudag hiji kalangkang dirucu anggur kalah ngajauhan Geus gilig jangji ka diri,moal kataji kunu can pasti Geus niat moal rék kabéngbat kunu ngolébat saliwat Bongan diri inggis risi disebitan ku kapeurih ku kanyeri Mending sidéngdang dina ayunan sorangan,bari neuteup éndahna lamunan Mending nganti di leuwi Kinanti, nganti surti widadari turun ti langit asri

Gandrung

Gambar
Emh, bulan, bulan ulah teungteuingeun teuing ulah buru-buru surup!   Cing, sakeudeung atuh eureun kuring hayang murak tineung sugan ajeun jadi jalan da anjeun pikabitaeun.   Mawat anjeun tiis, hening sinar anjeun moncorong, ngénclong bisa leutik gedé deui bisa tilem timbul deui   Cing bulan kuring tulungan meureun lamun kawas anjeun moal riweuh néangan nu euweuh meureun cacap tibra rasa   mun anjeun anu wisésa kuring sujud seja suhu osok dapon kataékan; mun anjeun sakadar darma pangnepikeun ka Sang Purba pikeun pigustieun kuring   Tg. Pinang, 13-10-54   kts

Gandrung

Gambar
Emh, bulan, bulan ulah teungteuingeun teuing ulah buru-buru surup!   Cing, sakeudeung atuh eureun kuring hayang murak tineung sugan ajeun jadi jalan da anjeun pikabitaeun.   Mawat anjeun tiis, hening sinar anjeun moncorong, ngénclong bisa leutik gedé deui bisa tilem timbul deui   Cing bulan kuring tulungan meureun lamun kawas anjeun moal riweuh néangan nu euweuh meureun cacap tibra rasa   mun anjeun anu wisésa kuring sujud seja suhu osok dapon kataékan; mun anjeun sakadar darma pangnepikeun ka Sang Purba pikeun pigustieun kuring   Tg. Pinang, 13-10-54   kts

Catetan diri

Catetan Diri Ku: Nina Rahayu Nadea Hirup ditingker tetengger Hirup dikukuntit pati Hirup ditunggu Izroil Padung….. Pasaran….. Asiwung…. Boeh…. Ngalangkangan…ngaringkangan… kamelang nalimbeng raga Maseuhan awak nu lamokot nirca Ngaleketey nyawang mangsa nu kasorang Kahariwang niruk jajantung Rumasa codeka dirungrum kekebul dunya Ngahelas raga nineung waktu nu larung Duh….kagimbir malibir dina hate nu rumpil Ngajerit ngintip diri pinuh ruruhit Asa lalinu neng nina ah,,,

ya sudah aku cukup tau diri..

malem all

jangan hentikan harapanmu

✽ JANGAN HENTIKAN HARAPANMU ✽ Tidak setiap penantian akan datang.. Tidak setiap harapan akan jatuh di pangkuan.. Tidak setiap canda akan selalu jadi tawa.... Ini dunia…! Tidak setiap awan yang mendung akan menjadi hujan.. Tidak setiap tunas akan menjadi beringin yang rindang.. Tidak setiap kuncup akan menjadi bunga.. Kadang layu sebelum berkembang & jatuh berserakan.. Tapi jangan tertunduk & jangan hentikan harapanmu.... Ini dunia para pemimpi...! ✽ Dunia yang berharap bisa menghembuskan angin sejuk, meski terkadang yang datang Badai & Topan ✽ Dunia yang menjanjikan tawa, meski terkadang tangis pilu yang datang.. Tapi jangan takut untuk selalu tersenyum & jangan hentikan harapanmu... ~Anna Queen~

catatan sebuah emosi

Gambar
Hanyalah sebuah emosi,, Terdalam dalam hati,, Nahaté,, gegeleneng méré harepan nyata, cita-cita tineukanan,, ka anjeun nu teu ka teuteup, semu,,, rasa cinta nu tos lami ngahias jero ati, panganti ati nu lawas ngahias ati, kantun ngedalkeun, naha bet lantis ku nu semu,, Ngadadak datang lir hujan datang,, Kiwari kaditu teu mirasa, kadieu iwal kapeurih,, Nyérédét kana haténa ogé.. Naha bet kudu aya rasa,,, pan nyaho yén kuring téh karék terang anjeun, amprok ogé teu acan.. Kunaon atuh bet kudu aya cinta.. Bet gedé pangharepan haté,,, Awal tepang haté ceurik,, Naha bét kudu nyampeurkeun deui,, Mun nyaho dék kieu mah, moal dék dideukeutan meureun,, Ayeuna rada anggang pédah ku heureuy kuring,, Kunaon atuh anjeun téh bet kitu,,, Kuring nyadar, can wanoh salira, can apal sipat sikap tur watak anjeun,, bray weh kiwari mah,, Kabuka,, tapi ngan ukur keu...

hariring nu kungsi nyanding

== Hariring Nu Kungsi Nyanding == Purnama nu kungsi leungit ayeuna nganjang ka buruan deui anu kungsi kapiati akiwari urang ditepangkeun deui. Hariring nu kungsi nyanding ayeuna datang ngahaleuang deui hayu pataréma tineung cacapkeun meungpeung aya kasempetan Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan haté bangbras Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan ati bangblas.