Corétan kisunda

Lalangse Peuting

Naha hate bet tireb ku ibun kasepi
Nu karasa ukur jadi tempat pangulinan lamunan
Seug pangangguran mapay dahan panangeuhan..
Nu kapapay ngan ukur legana sawangan
Antukna harepan ukur jadi hanjuang nu ngabatu

Pareng nyawang ka tungtung langit ..
Kapireng bentang bentang ting kariceup ting karetit..
Lir mutiara nu diamparkeun mapakan legana langit
Nambah kelarna hate nu hese digambar ku rumpaka carita

Kuring sadar..., peuting ieu lain peuting nu kamari
Najan rupa jeung warna langitna sarua
Tanda gunta gantina poe nu dihias beurang jeung peuting
Marengan gunta gantina lalakon kahirupan
Dina muru sakeupeul kabagjaan.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Lirik Supercell - My Dearest [ Romaji + eng + indonesian ]

Custom Domain Blogspot.com dengan domain sendiri

Cara Membuat Cimin Gaul Jajanan Bandung | Resep Cilor Kotak Aneka Rasa