Satia

Teu sangka anjeunna seueur nu cinta
Korban elmu jeung harga diri
Ngan ukur hayang meruhkeun anjeunna
Nu saurna kasep kabina-bina

Ditilik-tilik anjeunna teh geulis pisan
Kawas widadari nu lungsur ti kahyangan
Rumasa kuring ge hayang miboga
Ngadadak ngagedur rasa cinta...

Hanjakal karasa aya nu teu raos
Batur mah, modal jabatan
Batur mah, modal kageulisan
Kuring ngan mawa salamar keretas
Sajak keur anjeunna

Tapi kuring moal rek sumrah
Alim anjeunna kuciwa
Da kuring mawa modal nu sampurna
Nyaeta rek satia salawasna

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Lirik Supercell - My Dearest [ Romaji + eng + indonesian ]

Custom Domain Blogspot.com dengan domain sendiri

Cara Membuat Cimin Gaul Jajanan Bandung | Resep Cilor Kotak Aneka Rasa